Budak Nu Lengit
PoƩ eta Si Arkan balikna sorangan. Inditna mah duaan jeung Si Obing, budakna Bi Isom. Ari pangira Si Arkan babaturanana tƩh geus balik ti heula. Dicelukan sababaraha kali di gunung Sayur, taya nembalan. Geus kitu mah gedig wƩ manƩhna balik. Ongkoh jukut dina tolombong geus pinuh. MaranƩhna indit ka gunung Sayur tƩh ngadon ngarit.
Barang datang ka lembur, gebru neundeun tolombong dina kandang dombana. Sanggeus diparaban sacukupna, koloyong ka lmahna Bi Isom.
Dua puluh meter deui ka imah Bi Isom, Arkan gegeroan “Bing Obing! ku naon euy ilaing ninggalkeun?!”.
Euweuh nu nƩmbalan.
“Bing! Obing!” ceuk Arkan deui. Geus nepi, gĆ©k dina golodog. Kulutrak, sora panto muka, lol sirah indungna Arkan.
“Obing mana Bi?” Si Arkan gasik nanya. “Tebat ka lebak, ngurek ?”.
“Har? Ari manĆ©h kapan tadi ngarit jeung manĆ©h. Geus lila nya ilaing balik”.
“Karek jol Bi, kebat ka dieu, da panyana tĆ©h Obing geus balik ti heula.” Deg, cenah karasana kana dada Bi Isom. Palangsiang Si Obing leungit! Pok wĆ© nanya ka Arkan, “Ke, ari tadi ngaritna ti lebah mana deuih? Mana lalila teuing?”.
“Rada jauh tadi mah, Ibi. HĆ©sĆ© nĆ©angan jukut nu alus tĆ©h. Malum keur usum kieu. Halodo mah di mamana gĆ© hĆ©sĆ© jukut nu hadĆ©,” walon Si Arkan.
“Na ti mana ngaritna?” cek Bi Isom.
“Ti gunung Sayur?”
Ngan gebeg we Bi Isom ngagebeg “Gunung Sayur,” gerentesna.
“Gusti, mani jauh-jauh teuing, Arkan! Sia mah can nyaho nya gunung Ć©ta? Kolot gĆ© langka nincak gunung Sayur. Sanget kĆ©nĆ©h deuleu! Ari ieu maranĆ©h, budak satepak kĆ©nĆ©h bet wawanian. Lah kami mah palangsiang Si Obing leungit, aya nu nyumputkeun ku urang dinya! Gusti, mangkaning anak ngan hiji-hijina. Da Ć©ta manĆ©h nu mamawa ka dinya tĆ©h!”
“Si Obing nu ngajak mah Ibi. Resep meureun cenah di gunung Sayur mah. Loba jukutna jeung ngaremploh. Pikabetaheun deuih, uing mah sakadar nuturkeun manĆ©hna.”
“Lah komo geus nyebut betah-betah kitu, palangsiang.” Ngan gĆ©wĆ©wĆ©k we Bi Isom ngajĆ©rĆ©wĆ©t. Hing wĆ©h ceurik. Teu lila rob tatanggana ngadareukeutan. Reuwaseun.
“Ku naon Bi Isom tĆ©h, Arkan?” ceuk Bi Teja ka Si Arkan.
“Mimitina mah nanyakeun Si Obing, da tadi tĆ©h bareng ngarit ka gu nung Sayur. Ari panyangka Uing, manĆ©hna geus balik ti heula.”
“Ari ieu can nyampak di imah nya?” ceuk Bi Teja.
“Puguh nu matak ceurik gĆ©.”
”Di ditu kĆ©nĆ©h meureun. Tungguan wĆ©, mun wanci Asar can mulang waĆ©, urang susul ku sarĆ©rĆ©a. Nya Mang Tarju, enya henteu?” Bi Teja ngalieuk ka lebah Mang Tarju.
“Heueuh cĆ©k uing mah kitu wĆ©. Wanci Asar Si Obing can mulang, wajib ku urang lembur susul. Boa teuing ayeuna di jalan kĆ©nĆ©h, atawa sumpang-simpang heula ka lembur sĆ©jĆ©n,” ceuk Mang Tarju.
“Mamawa tolombong wadah jukut nya?” ceuk Bi Imik bari seuri. “Kawas nu dagang ancleung nyah?”
Ger nu aya di dinya sareuri, kagugu ku polah Bi Imik.
“Indungna keur sedih euy, teu hadĆ© tingcakakak!” Aya saurang nu ngelingan.
“AĆ©h heueuh nya,” ceuk Udin nu milu ngariung Bi Isom. Jep wĆ©h jarempĆ©.
“Jadi kitu wĆ© nya Mang Tarju?” ceuk Udin deui.
“Naon tĆ©a?”
“Paitkeun rencana urang engkĆ©. Mun Si Obing wanci Asar can mulang kĆ©nĆ©h, urang wajib nyusul, bĆ©bĆ©ja waĆ© heula ka RT.
"Panuju!” saur manuk.
Waktu Asar nu didago-dago ku indungna jeung ku pangeusi urang lembur Cikahuripan, can jebul kƩnƩh waƩ. Timbul kacurigaan ti urang Cikahuripan. Komo indungna mah geus nyangka nu lain-lain. Boa Si Obing tƩh moal mulang, disumputkeun ku urang ditu. Bi Isom kapaƩhanana gƩ aya sababaraha kalina.
Nu rƩk nƩangan kabƩh lalaki nu geus aya umuran. Teu tinggal ti mawa bedog jeung obor. Mawa bedog keur ngajaga. Obor mah bisi kapeutingan balik, atawa jol ka nu dijugjug geus poƩk mantƩn. Nu indit tƩh aya duapuluh urangna. Ari ti lembur Cikahuripan ka gunung Sayur teu jauh, ukur dua kilometer, tapi da lain nyorang jalan datar wungkul. Pungkal-pƩngkol, nanjak mudun loba nyorang rerembet. Diantara rombongan nu leutik keneh tƩh Si Arkan. Perelu keur tuduh jalan.
Nepi ka nu dituju kira pukul lima. Kaayaan geus paroƩk, cahaya panon poƩ kahalangan ku tatangkalan galede. Kapaksa beurang kƩneh gƩ obor diseungeut.
Teu sirikna unggal nu legok disaksrak, ditƩnjoan, tapi Si Obing teu panggih. Nya geus kitu mah mo henteu ngarendong di gunung, peuting Ʃta kƩnƩh marulang deui ka lembur. Nu milu diitung deui, jejeg euweuh nu leungit. NgadƩngƩ nu baralik ka lembur bari teu mawa nu ditƩangan, keur Bi Isom mah kalah waƩ nambahan kasedih.
’’Tong leutik hate Ibi,” ceuk Mang Tarju, ”boa Si Obing tĆ©h teu nanaon jagjag kĆ©nĆ©h. Aya keneh di ditu, ngan tadi mah teu kapanggih sotĆ©h diburu-buru hayang balik, bisi amprok jeung urang leuweung. BarabĆ©. Keun isuk da rĆ©k ditĆ©angan deui. Inditna rĆ©k rebun-rebun pisan. Si Obing moal teu kapahung, poho deui jalan balik. Kapan di gunung Sayur teh ngaritna misah jeung Si Arkan di leukeunan, Si Obing mah rada ka beh tonggoh, deukeut anu loba dapur awina.”
“Teu diteangan ka lebah dinya Bi Isom maksakeun nanya, sorana gĆ© peura balas ceurik waĆ©.
“Ih puguh wĆ© ditĆ©anganana mah. Tapi teu kapanggih tolombong-tolombongna acan,” ceuk Mang Tarju. ”Keun sugan isuk kapanggih. Ayeu mah ulah loba nu dipikiran.”
Tengah peuting sora nu ngagero, Bi Isom. Sora anakna. Gentak Bi Iso hudang.
“Maneh, Obing balik?” ceuk Isom jung cengkat ngadeukeutan panto dapur.
Di luar taya nu nƩmbalan. Ngan angin nu ngagelebug nebak tatangkalan.,
“Ema, uing mah tong diteangan. Geus betah di ditu. Obing moal balik deui. DitĆ©angan ge natambuh laku ... ceuk sora tan katingalan.
"Naha Obing embung balik?” Isom mana kawas nu ngomong sorangan.
”Da geus betah di ditu, Ema.”
”Luas temen ninggalkeun Ema cunggelik sorangan.”
’’Kapaksa Ema.”
Nu tas nƩangan anakna Bi Isom di gunung Sayur geus balik. Tapi Obin mah euweuh diantara manƩhna. Nu balik katƩnjo bangun nu lalungsƩ pisan. Nu hantem ditƩangan tƩh teu kapangih. PagawƩan asa tambuh.
Geus nyaho kitu mah, budakna Bi Isom tƩh disebut hilang wƩh. PoƩ Ʃta dianggap poƩ sadugna manehna maot.
Bi Isom teu bisa kukumaha, sok sanajan sedihna nataku, ti dituna man tuda budak ngan hiji-hijna, beunang hayang, kari-kari ayeuna ninggalkeun, sanggeus tujuh taun salakina ninggalkeun ti heula, mulang ka alam kalanggengan.
Sabulan ti harita, dina hiji peuting Bi Isom ngimpi. Anakna datang, papakean singsarwa alus, kulitna bodas beresih teu cara biasana, hideung balas kapanasan waƩ, ngala suluh jeung ngarit.
“Hirup kĆ©nĆ©h Ujang tĆ©h ?” ceuk Bi Isom bari ngusapan sirah anakna.
“Jagjag kĆ©nĆ©h, Ema. Kasep deuih ayeuna mah uing tĆ©h. Geura isuk teang ...”
Rebun-rebun kƩnƩh Bi Isom geus hudang. Kebat ngajugjug imahna RT. Paralak ditepikeun eusi impianana tadi peuting. Ketua RT teu kaleked tuluy nyokot kohkol awi, ditakol dititirkeun. Teu lila geus ngarumpul kolot di hareupeun imahna RT.
Pok Kokolot RT ngabƩjakeun pamaksudanana. Pangna ngumpulkeun rebun-rebun tƩh. Wayahna sakali deui urang nƩangan jasadna budakna Bi Isom, pƩdah peuting kaimpikeun ku idungna, ceuk Kokolot RT ka nu aya di hareupeunana.
Teu ngƩngkƩkeun deui, diengkƩ-engkƩ mah kaburu beurang mantƩn ongkoh, riungan bubar. Sawelas urang nu indit ka gunung tƩh.
Anjog ka gunung geus rada beurang. Mang Tarju nu keur tonggoy gasruk, handapeun dapuran awi manehna nƩnjo nu keur sujud nyangigirkeun tolombong wadah jukut. Mang Tarju ngagebeg. Boa Ʃta Si Obing tƩh. Tapi, awakna geus tinggal rorongkong! Geus nyaho kitu mah kebat manehna nyampeurkeun baturna. Hariweusweus nyebutkeun geus manggihan budak nu leungit tea.
Atuh rob baturna nu sapuluh urang deui, dibarengan ku Mang Tarju muru papanggihanana. Enya we, Rorongkong nu kasampak tƩh. AnƩhna, teu kaambeu bau bangkƩ. Jeung deui rorongkong tƩh bisaan. Keur sujud, leungeunna nu katuhu nyekel tolombong. Kersa ning Alloh Nu Maha Kawasa!
Ti dinya mah duaan dititah mudun, ngabƩjaan pulisi dƩsa. NgabƩjaan kayaan nu sabenerna.
Ti harita budak nu ngarit tara wani-wani deui ulin ka gunung Sayur. Nasibna sieun jiga Si Obing. Tong boro barudak, dalah kolot gƩ langka. Gunung ayur tƩh sanget kƩnƩh, loba pangeusi anu teu katenjo ku panon biasa. Walohualam.***
Sumber ti : mangle' online
0 Komentar