Artikel terbaru

JOB # COMPLETED

DONGENG SASAKALA MANUK GAGAK JADI HIDEUNG

MANUK GAGAK JADI HIDEUNG


Jaman baheula aya oray sanca keur nawu balong. Sungutna ngégél kana tangkal huni, buntutna beulah dieu dibeulitkeun kana pancuh tambakan. Awakna dina balong téa, tuluy diayunkeun … geblok, geblok wé caina ditawu, cara nawu ku gobag panjang.

Teu pati lila ogé balong téh geus méh saat. Laukna geus tingkocopok réa naker, sawaréh mah tinggolépak di nu saat.
Jol datang gagak ka dinya. Harita mah gagak téh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok baé lauk téh dipacokan, nepi ka méh béak nu baradagna mah.

Ku oray sanca katempoeun gagak malingan lauk, geuwat digeunggeureuhkeun, tapi gagak jongjon baé, malah beuki ngahajakeun. Atuh oray sanca téh ambek, sebrut baé diudag. Gagak téh hiber. Ku oray haben diobrot. gagak téh bingung da dibeberik baé, sieunenu katéwak. Kabeneran manggih nu keur neuleum, gebrus baé gagak téh nyelupkeun manéh kana jero pijanan. Atuh ari muncul deui téh geus lestreng. Barang jol oray sanca panglingeun, da jadi hideung lestreng.
Ceuk oray sanca, “Mahluk hideung, sampéan henteu manggih gagak bieu ka dieu?”
Gagak téh sorana digedékeun, ngomongna ogé basa Betawi, da sieuneun katara, ”Engga, gaaak!”
Tah, kitu sasakalana nu matak gagak buluna hideung meles, sarta disadana: Gaaa, gaaak! Gaaa, gaaak! Gaaa, gaaak!
Sumber: Ki Umbara. 2006
Diberdayakan oleh Blogger.

Cari Blog Ini

Banner

Blogroll

BTemplates.com

Blogger templates

About

#Travel

#Travel
none

#Food

#Food
none

#Health

#Health
none

#Lifestyle

#Lifestyle
none

#Inspiration

#Inspiration
none

Labels

Blogroll

6/recent/slider

Blogger templates

Pages

Pages

Pages

Facebook

Pages

Most Popular

VIVO Y16 EMMC
TOOLS UNLOCK
REALME C11 2021 EMMC