Sasakala Maung Leutik Cangkengna
Usum paceklik di hiji leuweung. Halodo anu banget nepi ka sakabéh sasatoan kakurangan ku hakaneun. Bungbuahan, beubeutian, jeung jujukutan kabéh gararing...
Sakali mangsa maung keur anteng néangan kahakanan, kabeneran aya peucang keur ngahuleng, jiga nu susah. Éta peucang téh begang, ngajangjawing kari tulang jeung kulit.
Sabot peucang keur ngalamun, Gauuur...‼! Maung ngagauran tarik pisan. Peucang kacida reuwasna. KĂ©sang tiis ngagarajag maseuhan awak. Maung ngadangong, bangun sagep-gepeun rĂ©k ngerekeb manĂ©hna.
Peucang teu bisa kukumaha. Ceuk pikirna, najan lumpat gé moal burung kaudag, da puguh baroraah keur lumpat, pan tanaga sakieu sudana. Ahirna peucang sumerah diri ka nu kawasa, bari ngadunga ménta sangkan dipanjangkeun umur, sarta disalametkeun tina bahaya dina waktu ayeuna.
“Agan maung, ulah gagauran kitu eum, kuring mah kari dikerekeb baĂ©. Tapi...,” peucang ngawani-wani.
“Heeemmm.‼!”
”Ari ceuk kuring mah, leuwih hadĂ© nĂ©angan mangsa anu lintuh. Da kuring mah batan sakieu, moal matak seubeuh. Pan apal ku anjeun, kuring mah begang, kari tulang hungkul.”
Maung ngagaur deui. Kawas nu ngahaja sangkan peucang beuki gimir.
“HĂ©y‼! Peucang, teu ngarti uing mah. Naon maksudna andika tenang-tenang cacarita kawas kitu? Pan biasana gĂ© sok terus lumpat mun ningali uing tĂ©h?”
“Rumasa, euweuh tanaga keur ngejat-ngejat acan..” peucang ngalengis.
“Terus..., ku naon anjeun ngahuleng?”
“Ohh... masalah Ă©ta...” peucang katingali bangun atoh, meunang lolongkrang.
“Enya?!”
“Kuring teu lumpat tĂ©h bisi hayang nyaho mah..., jeung kitu gĂ© mun percaya ka kuring, yĂ©n kuring tĂ©h keur meunang tugas ti raja. Dititah nungguan beubeurna di dieu. Tah ari raja keur lunta, nyiar kadaharan keur urang sarĂ©rĂ©a.”
“Na bener Ă©ta tĂ©h?!” maung muncereng, nembongkeung sihungna anu ranggĂ©tĂ©ng.
“Ihh... piraku bohong! Tah kulantaran kitu, kuring moal rĂ©k lumpat, sabab tanggung jawab ti raja tĂ©h beurat pisan.”
“Auuummm.... hahahaha... puguh da uing tĂ©h bodo. Geus moal metu Ă©kol modĂ©l kitu mah hahahaha...”
“Naha bet teu percaya?” peucang pias.
“Sabab urusan nu kitu mah pasti bakal dikawal ku sato pantar kuring. Atawa singa. Nya pokona mah ku sato-sato gedĂ© tur garalak!”
“Lah... baĂ© teu percaya mah...”
“Tapi..., kĂ©... kĂ©... kĂ©... na nu kumaha rupana beubeur raja tĂ©h?” maung tungtungna mah panasaran ogĂ©. Ceuk pikirna, saumur nyunyuhun hulu asa can kungsi ngadĂ©ngĂ© beubeur raja.
“Euuhh... tinggaleun jaman atuh...” peucang ngahaja ngalĂ©lĂ©wĂ©.
“Mun bener aya, cing pĂ©k geura tĂ©mbongkeun. Uing hayang nyaho!”
“Teu pisan-pisan kulan...”
“Naon maksud andika hah!”
“Teu wani kuring mah nĂ©mbongkeun Ă©ta beubeur. Sabab dipiwarangna gĂ© ukur nungguan.”
“NyanĂ©h dĂ©k baha hah! Teu apal yĂ©n nyawa nyanĂ©h aya dina tungtung sihung uing!”
“Sumuhun... percanten” peucang popoyongkodan.
“Sok! Mana uing ningali!”
“Euu...”
“Buru‼! Atawa, nyanĂ©h mah hayang dikerekeb meureun?”
“Ampuunn... ampuunn... tapi, kuring sieun kĂ©nĂ©h ku raja.”
“BaĂ©! Urusan uing Ă©ta mah!” maung beuki panasaran.
“Nya ari keukeuh-keukeuh teuing mah, ka dieu atuh sing dekeut bisi aya cakcak bodas..”
“Ha ha ha ha... nyanĂ©h dĂ©k nipu ka uing nya? Sorriii... uing moal katipu!”
“Nya enggeus ari embung mah...” peucang beuki pias.
“Euu... jadi bener nyanĂ©h tĂ©h moal nipu?”
“Ihh.. piraku, teu wararantun teuing...”
“Nya sok atuh! Mana beubeur tĂ©h?”
“Tah geuning...” peucang nuduhkeun ka nu ngajepat hareupeunana. “Ka dieu atuh, sampeurkeun sing deukeut... ngarah Ă©cĂ©s.”
Teu loba pikir, maung ngadeukeutan anu ngajepat “Enya! alus beubeur raja tĂ©h euy, meuni hĂ©rang kieu.”
“Nya enya atuh! Piraku beubeur raja butut?”
“Kira-kirana bisa teu lamun uing ngajaran makĂ©?”
“Euu....”
“Hayang dikerekeb‼” maung mureleng.
“Teu tiasa! bujeng-bujeng ka dianggĂ©, dicepengan gĂ© teu kenging cenah.”
“Ceuk saha teu meunang?”
“Raja nu sasauran...”
“Bet jadi panasaran uing mah. DĂ©k ngagugu ka uing moal siah hah?!”
“Ulah nyingsieunan kitu atuh, geus puguh kuring mah sieun kĂ©nĂ©h ku raja batan ku Anjeun.”
Aauuummmm... maung némbongkeun sihungna. Peucang kokompodan.
“Ari keukeuh-keukeuh teuing mah, nya kuma anjeun wĂ©, ngan kuring boga pamĂ©nta.”
“Naon?”
“Sangkan kuring teu katanyaan ku raja, kuring dĂ©k indit heula ti dieu ngarah boga alesan....”
“Heug!” maung atoh pisan.
“Tah engkĂ©, lamun kuring geus jauh pĂ©k Ă©ta beubeur pakĂ©.”
“Enya!”
“Tapi...”
“Naon deui?!”
“Kudu nurut kana kodeu ti kuring, lamun ceuk kuring “pakĂ©” rap Ă©ta beubeur tĂ©h pakĂ©. Sakitu pamĂ©nta ti kuring mah.”
“Hahahaha... pira sakitu, gampang! Tapi awas siah mun ngabobodo. Dikerekeb ku uing‼!”
“Moal atuh...”
BĂ©rĂ©s cacarita, berengbeng peucang lumpat, sakalumpat-lampĂ©t. Sanggeus rada jauh, peucang ngagorowok. “PakĂ©, pakĂ©…! PakĂ©!”
Demi ngadéngé peucang ngajorowok, teu tata pasini deui rap éta beubeur anu ngajepat téh dibeulitkeun kana cangkéngna. Atuh puguh wé éta beubeur téh jol meulit kana awakna tarik pisan, sabab geuning anu dimaksud beubeur raja téh singhoréng oray welang anu kacida gedena.
Teu sabaraha lila, cangkéng maung téh ngaleutikan kapeureut ku bedasna tanaga oray.
Sumber ti mangle' online
0 Komentar